Kamis, 31 Desember 2015

amanah kolot

Dua puluh amanah kolot (renungan akhir taun)

1. Sholat awal waktu
2. Ulah eureun neangan ilmu
3. Ulah ancrub ka dunia politik
4. Ulah eureun neangan babaturan
5. Pertahankeun Aqidah Anu Murni
6. Lamun hayang maju ulah eureun mikir
7. Lamun hayang maju kudu daek cape
8. Ulah embung disebut bodo
9. Ulah embung disebut sahandapeun
10. Sagala nu tumiba ka diri gara-gara diri
11. Ubar diri aya di diri
12. Euweuh nu nyaah kana diri kajaba anu boga diri
13. Harga diri kumaha diri
14. Ari ngitung kudu ti hiji ulah ujug-ujug angka salapan
15. Mun keur nyieun pondasi tong sok waka mikiran kenteng
16. Sanajan teu lumpat tapi ulah cicing
17. Sagede-gedena jalan syare'at ulah matak ngurangan tawakkal ka Alloh
18. Tong leumpang dina hayang, tong cicing dina embung tapi kudu lempang dina kudu, kudu eureun dina ulah
19. Tong lesot hate tina eling ka Alloh dina kaayaan kumaha wae, sedih, susah jeung bungah
20. Sarebu sobat saeutik teuing, hiji musuh loba teuing

Sent from my iPhone